Senin, 24 Agustus 2009

Sajak Sunda

Atikan Guru
Karya: Ikin S.Iskandar, S.Pd.

Nu diwincik elmu mangpaat
Ngeclak nyaliara maseuhan jagat
Lagrag ka si Kumel, napel
Gubrag ka nu Badag, neumag
Ka sakabeh waleh, eleh, soleh

Pel napel na raga kandel
Maunatna matak wedel
Hiji syarat,
Nyuprihna daek walurat

Nu dididik palacatrik bangsa
Nyiapkeun keur jaga, isukan
Cenah mah kembang harepan
Nu natrat dunya akherat

Lir karuhun nu baheula ngabedah
Nyadiakeun incu putu betah-bumetah
Ku gede kadeudeuh ka taneuh maneuh
Tempat jeung ngareureuh
Hanjakal taya jugrugna

Tong melang hariwang, sabab
Curukna ngagurat ti dunya ka akherat
Asal “anjeun” milih anu mangpaat

Natrat wasiat dieuntreupkeun dina kertas bodas
Anu nyacas mantak was
Teu kasaput ku sariak layung
Teu kahalang mega malang
Sabab Guru mikeunna ikhlas.


Impian Nonoman
Karya: Ikin S.Iskandar, S.Pd.

Mun seug datang wanci peuting
Hate sok ngajangjawing
Ati peurih lir digerih
Hate ngarakacak rasa disasaak

Katukang mangsa longkewang
Mun diitung beurat hampang
Horeng kieu hirup bujang-lanjang
Gawe ngimpi nyawang-nyawang

Raga paburantak dumadakan
Amacak hadapeun tunggul katineung
Renghap marurag jadi keclak cimata…juuh
Paheula-heula jeung reumis janari

Tapi kiwari…
Sanggeus katumbiri mapaes lalangse
Mabra caang unggal sare
Kitu gawe unggal poe

Can reureuh kareueus peuting kamari
Basa ngareka carita
Jeung bulan,
Nu ngageubra na lahunan

Hanjakal teu lila purnama lunta
Rangkulan suwung, anggang jeung kamelang
Carita urang pugag kapegat mangsa
Leungit lantis kasilih wanci